Sisindiran Bahasa Sunda Versi Zaman NOW
BUBUKA
By.Uub Mahbub Hidayat
1.Emih na piring jeung saos
Dibanjuran ku kapala,
Abdi Ngiring cumarios
Di payuneun ibu bapa.
2.Dahar saos make pisin
Keur dipiceun aya tuma,
Cumarios sok arisin
Payuneun para ulama.
3.Rek mawa jinteun di suhun
Keur campur bahan jajamu
Hapunteun anu kasuhun
Kaguru anu luhung elmu.
4.Lada Sacanggeum kadoya
Make rawit dicengkehan
Neda maklum kasadaya
Abdi amit mapatahan.
5.Beusina ticicalengka
Awina tikostarea
Eusina loba siloka
Kahirupan sarerea.
6.Sakilo Keutan tidesa
Dagang udang make saos
Pidato acan tiasa
Sok ngadegdeg cumarios
7.Japati keur disisran
Tikukur macokan hurang
Mugi iyeu sisindiran
Janteun pitutur ka urang .
8.Sok hayang dipangleobkeun
Disawah genjerna ngeunah
Pedaran sing dijanteunkeun
Pang bubungah kana manah.
#Tinu nganggit H.Busrol karim
Comments
Post a Comment