Posts

Showing posts with the label Sisindiran sunda

Sisindiran Bahasa Sunda Versi Zaman NOW

Image
BUBUKA  By.Uub Mahbub Hidayat 1.Emih na piring jeung saos Dibanjuran ku kapala, Abdi Ngiring cumarios Di payuneun ibu bapa. 2.Dahar saos make pisin Keur dipiceun aya tuma, Cumarios sok arisin Payuneun para ulama. 3.Rek mawa jinteun di suhun Keur campur bahan jajamu Hapunteun anu kasuhun Kaguru anu luhung elmu. 4.Lada Sacanggeum kadoya Make rawit dicengkehan Neda maklum kasadaya Abdi amit mapatahan. 5.Beusina ticicalengka Awina tikostarea Eusina loba siloka Kahirupan sarerea. 6.Sakilo Keutan tidesa Dagang udang make saos Pidato acan tiasa Sok ngadegdeg cumarios 7.Japati keur disisran Tikukur macokan hurang Mugi iyeu sisindiran Janteun pitutur ka urang . 8.Sok hayang dipangleobkeun Disawah genjerna ngeunah Pedaran sing dijanteunkeun Pang bubungah kana manah. #Tinu nganggit H.Busrol karim